:

Padamelan Rasul-rasul 15

1

Aya urang Yudea anu daratang ka Antioki, ngajar kieu ka nu geus palercaya, "Lamun aranjeun teu disarunatan nurutkeun parentah dina Hukum Musa, aranjeun moal bisa disalametkeun."

2

Paham kitu kacida dilawanna ku Paulus jeung Barnabas. Tungtungna Paulus jeung Barnabas ti Antioki diutus ka Yerusalem, dibarengan ku sababaraha urang deui, pikeun mereskeun sual eta jeung rasul-rasul.

3

Utusan dijajap ku jamaah nepi ka wates kota, ti dinya terus kebat jalanna ka Penesia jeung Samaria. Urang dinya dibejaan, yen bangsa sejen nu lain Yahudi oge geus nyalanghareup ka Allah; kacida aratoheunana.

4

Di Yerusalem, sanggeusna dibageakeun ku jamaah, ku rasul-rasul, jeung ku para kokolot jamaah, utusan medar sagala hal anu dipidamel ku Allah ku jalan aranjeunna.

5

Tapi aya anggota jamaah ti golongan urang Parisi, ngaromong kieu, "Jalmi-jalmi bangsa sanes anu parantos palercaya teh kedah disarunatan, sareng perlu diwartosan kedah tarunduk ka Hukum Musa."

6

Ieu masalah tuluy dimusawarahkeun ku para kokolot jeung rasul-rasul.

7

Sanggeus lila sual jawab, Petrus ngadeg tuluy ngalahir, "Dulur-dulur tangtu aremut, geus lila sim kuring ku Allah dipilih ti aranjeun, kedah nguarkeun Injil Kasalametan ka bangsa sejen, supaya maranehna oge palercaya kana hal eta.

8

Allah, anu uninga kana eusi hate unggal jalma, parantos kersa nampi bangsa sejen, nyatana ka bangsa sejen oge, Allah parantos maparin Roh Suci cara ka urang.

9

Urang sareng bangsa sejen ku Mantenna henteu dibeda-beda. Bangsa sejen oge ku Mantenna dihampura dosana, lantaran maranehna oge palercaya.

10

Ku margi kitu ku naon bade ngaralawan ka Allah, ngudukeun dulur-dulur anu parantos palercaya ngajalankeun sarat anu sakitu beuratna? Karuhun urang ge, nya kitu deui urang sorangan teu kuat ngalakonanana.

11

Urang percaya yen boh urang, boh bangsa sejen, pang salamet teh ngan ku karana sih kurnia Gusti Yesus bae."

12

Ti dinya, barang Paulus jeung Barnabas nyarioskeun sagala mujijat jeung kaahengan anu dipidamel ku Allah di kalangan bangsa sejen ku jalan aranjeunna, anu ngabarandungan mani jempling.

13

Geus kitu Yakobus ngalahir, "Dulur-dulur, karupingkeun sim kuring!

14

Bieu saderek Simon nerangkeun hal ngawitanana Allah mintonkeun perhatosana-Na ka jalmi-jalmi bangsa sanes, kalayan maksad ti eta bangsa aya anu bade dipilih baris dijadikeun umat-Na.

15

Hal ieu cocog pisan sareng anu kapungkur diramalkeun ku nabi-nabi, anu ungelna,

16

‘Engke Kami baris datang deui,’ timbalan Pangeran, ‘seja mulihkeun karajaan Daud. Nu geus runtuh sina ngadeg deui, sina weweg deui.

17

Ku sabab kitu jalma-jalma salian ti eta, bakal daratang ka Kami. Nya eta ti bangsa lian anu geus disalaur ku Kami, sangkan jadi kagungan Kami.

18

Kitu timbalan Pangeran, nguningakeun perkara eta ti baheula keneh.’

19

Kitu nu mawi pangrasa sim kuring, dulur-dulur anu teu sabangsa anu parantos tarobat ka Allah teh ulah diririweuh.

20

Mending ge urang suratan, anu eusina mepelingan yen teu kenging ngadahar kadaharan anu najis anu parantos disuguhkeun ka brahala, atanapi sato anu paeh bangkar, atanapi getihna, sareng teu kenging jinah.

21

Margi Hukum Musa teh ti baheula keneh unggal-unggal Sabat dibaca di imah-imah ibadah bangsa urang, aturan-aturanana diwurukkeun di saban kota."

22

Geus kitu rasul-rasul jeung para kokolot, kitu deui sakumna jamaah, rempug seja milih dua jelema pikeun diutus ka Antioki, bareng jeung Paulus jeung Barnabas. Geus kapilih duaan, duanana jelema anu kacida dipandangna ku sakur anu palercaya, nya eta Yudas anu katelah Barsabas, jeung Silas,

23

dibahanan surat anu kieu eusina: "Kahatur para saderek luareun bangsa Yahudi di Antioki, Siria, sareng di Kikilia. Sim kuring, rasul-rasul sareng para kokolot jamaah di Yerusalem, saderek-saderek aranjeun, ngahaturkeun salam kawilujengan.

24

Aya wartos saderek-saderek diririweuh ku jalmi-jalmi sim kuring anu darongkap ka dieu, nyebarkeun paham anu ngabingungkeun. Sayaktosna maranehna sanes utusan ti sim kuring.

25

Ku margi kitu sim kuring sadaya teras barempug, ahirna mupakat bade ngintun utusan ka dieu, anu pidongkapeunana bakal sasarengan sareng saderek Barnabas sareng Paulus saderek urang,

26

anu parantos naruhkeun jiwana demi Gusti urang Yesus Kristus.

27

Utusan teh duaan, nya eta Yudas sareng Silas, anu bakal nerangkeun perkawis ieu serat ku lisan.

28

Roh Suci parantos nyatujuan, kitu deui sim kuring sadaya, moal nambihan kabeubeurat aranjeun ku kawajiban-kawajiban sanesna, salian ti:

29

kedah pantrang kana kadaharan anu parantos disuguhkeun ka brahala, pantrang neda getih, pantrang neda sato anu paeh bangkar, sareng teu kenging jinah. Kalintang utamina upami hal ieu ku saderek-saderek digumatikeun. Sakitu nu kapihatur, wilujeng."

30

Utusan geus ariang ka Antioki, tuluy ngumpulkeun jamaah, suratna dipasrahkeun.

31

Eusina kacida nyenangkeunana kana hate nu narima, jamaah ngarasa bungah.

32

Yudas jeung Silas anu saenyana mah nabi, lila cacarios jeung maranehanana, maparin pituah jeung nasehat anu matak negerkeun hate.

33

Sanggeus nganjrek rada lila, kakara aranjeunna meunang marulih deui ka nu ngutusna bari dijurung ku pangdoa sarerea.

34

[Tapi Silas mah ngantunkeun anjeun seja terus di Antioki bae.]

35

Paulus jeung Barnabas rada lila nganjrekna di Antioki, ngajarkeun jeung nguarkeun pangandika Gusti jeung urang dinyana.

36

Sanggeus rada lila, Paulus sasauran ka Barnabas, "Urang ngalongok dulur-dulur ka tempat-tempat urang bareto nguarkeun pangandika Gusti, hayang terang kumaha kaayaanana."

37

Barnabas hoyongeun nyandak Yohanes Markus,

38

tapi Paulus ngaraos teu hade lamun Yohanes Markus dibawa, lantaran bareto ge henteu terus babarengan nepi ka anggeus, anggur mulang ninggalkeun di Pampilia.

39

Paulus jeung Barnabas nepi ka pabentar nemen pisan, tungtungna aranjeunna papisah. Barnabas tetep nyandak Markus terus balayar ka Siprus.

40

Ari Paulus nyandak Silas; sabada ku jamaah dipasrahkeun kana rahmat Gusti terus angkat,

41

ngideran Siria jeung Kikilia, nguatkeun jamaah-jamaah.

Link: